Jam satengah opat subuh. Ihsan geus nguniang hudang. Katempo indungna keur menekung solat. Laju ka kamar mandi. Seuseuhan, baju adi-adina dirurud. Dikeueuman dina émber jiga nu geus diajarkeun ku indungna. Wudhu, ngampar sajadah, laju solat tahajud jeung ngaderes Qur’an. Ngong Adan, Ihsan geuwat ka masigit sisi kuburan. “Ihsan teu sieun?” Hiji waktu ditanya. Jawabna ukur hé-hé.
Balik ti masigit. Sarah adina masih ngaréngkol. “Sarah.. gugah Sarah!” Suku Sarah dioyag-oyag. Sarah nguliat, dianteur ka kamar mandi, dibarengan solat di Imaman. Geus kitu mah, macaan buku jangeun pelajaran poé ieu, sakalian nyiapkeun sagala kaperluan sakolana.
Lohor balik ti sakola. “Ubay, dieu ameng sareng Aa!” Ngasuh adi bungsuna nu karék dua taun. Indungna rinéh bébérés. Kalan ngadu kaléci bari ngangakod. Cetrék, nyéntang kaléci, laju pindah bari ngakod adina. Hiji mangsa, balon ubay ngapung sisi jalan. Ihsan nyusulan nepi langit ping pitu. Teu balik deui....*