Kaisar Claudius (41-45 CE) keur élékésékéng. Deuk wakca, pimanaeun geunjleungna karajaan. Aib, ieu mah. “Téang Hipokratés!” paréntahna. Sagala gé kudu dibadamikeun jeung ahlina. Hipokratés, mantri kasehatan karajaan rurusuhan nepungan kaisarna. “Aya pamundut naon kaulanun?” Ajrih. Kaisar Claudius ngajak Hipokratés ka kamarna. “Kutan gening?” Hipokratés semu heran campur rada hayang seuri. “Pangawal…” nyalukan badega karajaan. “Téang daun Paederia scandens di Karajaan Sunda!” Bari ngasongkeun palastik kosong.
Sanggeus meunang daun Paederia scandens, laju dijieun lalab. ‘Pelepeeess…’ Aya ku nikmat pisan ningal paromanan Kaisar Claudius. Ti saprak harita, kaluar aturan Kaisar. ‘Sing Saha Jalma nu Nyeungseurikeun atawa Ngambek mun aya Jelema Hitut, di Teukteuk Sirahna’…..*