“Lain. Lain landihan ngalélécé pédah beuteungna budayut tur euweuh tanaga tapi landihan nu katelah ku ngaran anak kuring, nyaéta Aga.” Najan enya warugana kos kitu, uyut anak kuring téh jalma nu panggedé jasana sabab ti kikirik nepi ka jadi anjing geus ngarorok, ngatik jeung ngajaring kuring ti leuleutik mula.
Tawis asih. Saban bulan rutin ngirim kasedepna. Coklat. Mangsana pakanci sakola, sakulawarga nganjang. Babaturan mangsa keur bolon gé mapag, narepungan. Rada hémeng basa uyut barudak bisa nyuguhan goréng siki médé. Teu ambil pusing. Balakécrakan ngahanca nepi ka ledisna. Wanci lohor babaturan aramitan. Sung-song leungeun. Sasalaman. Kolémbar ka dapur nepungan uyut barudak.
“Kénging ti mana, nya Né, goréng médé téh? Asa acan kantos ngintun.”
“Apaaan ti hidep. Saban dikirim coklat, kacang médéna ukur ‘diemut’ teu neurak ngagayemna. Terus wéh dikumpulkeun. Naha?”
“Ah henteu... hé... hé.” Balaham-béléhém, seuri konéng. Bréh beungeut babaturan.