Hujan geus eureun. Tatali margabagerak, suat-siet deui. Samotor-motorna. Samobil-mobilna. Sakolbak-kolbakna. Sasapédah-sapédahna. Nu narik gorobag, mang Kasta, sarua. Jas hujanna, ku tenda biru, disom-dikelim sorangan. Atuh cihujan, rembes. Bi Kasta, ngajékét palastik butut, ngadorong ti tukang. Iteung jeung Ating, dijero gorobag. Somah, ngiclik tukangeun indungna.
Ti kompléks Pemkot, méngkol. Ngidul. Ngulon. Tepi ka pasar Atas. Reg, eureun, ngiuhan di lapak hayam, nu geus suni. Brak, muka bungkusan babarengan, di juru. Tilu pincuk nasi bungkus dikoroyok limaan. Nginumna cukup cimineral sabotol gedé babarengan.
Na TV, di ruang Satpam, dua politisi, katilu host program, ramé diskusi. Beuteung barelenu. Pakupis, wahwihwuh nyarita kaadilan sosial jeung kasejahteraan umat. “Anti Koropsi, Anti KKN, Anti…”, kadéngé dipok-omongkeun babaraha kali. Sumanget abiszz. Nu limaan, tumorék. Basa huap pamungkas, diteruskeun ku bébérés bungkus kéjo. Hérang lénang.
Hujan ngicipris, marengan nu ngaleguk notor cai. Méga mendung deui, nyoloyong ka kulonkeun. Adzan Magrib nandaan harieum beungeut.