Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Gerentes

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 07 Maret 2015 21:18:06

Tos lami pisan, In. Kuring ngantep ngelunna haseup salebeting dada.
Duka sabaraha lami ieu rasa dodongkang milari hartos tina simpé nu ditapsiran ku lewang nu manjang. Émut harita wangkid tepang nu pamungkas. Nu natrat mung kecap miwah kalimah nu rumpil kacida. Aya samagaha dina cariosan salira, "Aya hiji kecap nu janten pantrangan. Kecap nu salamina gé moal dikedalkeun, A...."
Ayeuna, karaos. Sanaos wengi ngahiang dina unggal kiceup nu ieu, nanging jempling bet janten rénghap nu teu cacap-cacap
Simpé karaos langgeng. Nyiprukan réwuan hurup nu kasusun. Ngancik dina rasa pangtiisna. Lisan ngabigeu, teu wasa nyebat-nyebat tineung.
Wangkid halimun nyimbutan salami saratus duapuluh rénghapan. Aya nu kagambar 'na émutan, In. Tangkal akasia, girimis sareng jalan satapak peuntaseun stasion.

Ayeuna, salira mirupa kalangkang.