Pasosoré di warung sangu. Panggih jeung si Pilot, (dilandih kitu teh tisaprak ditanya cita-cita ku guru), nu geus mangtaun-taun weuh kabarna. Budak polontong endog. Dangdanan mah angger nécis. Ngan beuteungna nu jadi bureuteu jeung pipina jadi kembu.
"Kamana waé euy?"
"Sibuk aing mah, dines ka luar waé, ari manéh asa kitu kénéh ning hirup teu menyat-menyat" pokna. Ngomongna angger luhur, leuwih luhur batan méga, leuwih seukeut batan panah. Ngobrol ngalér-ngidul sagala proyék ratus juta, miting di ditu di dieu.
"Milu gawé atuh!" cekéng.
"Heueuh kalem, mana nomer hapéna! Ké ku urang dikonték" ngaluarkeun hapé jadul nu dikarétan.
"Balik heula ah, ditungguan nya inpona" cengkat.
"Balik mah balik wé.Tong dibawa atuh eta roko manéh, keur urang wé!" pokna.
"Maenya bos méntaan kénéh udud"***