Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Saka 47

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 24 Fébruari 2015 15:17:33

Jangkung gedé. Beuteung budayut. Kulitna hideung. Najan lalaki, tapi buukna panjang sacangkéng. Katelahna Asép Dugul.
Manéhna téh alumni Pasantrén Sindangsari. Murid kanyaah pangersa mama keur masantrén mah. Katalar sakabéh kitab nu diajarkeun. Tara elat migawé pasunatan. Duha jalan, tahajud dikeureuyeuh, puasa senén kemis gé tara tinggaleun.
Ari ayeuna, gawéna téh jadi komandan proyék ngecor jalan. Lain nu ngecorna, tapi bagéan nyekel kaléng biskuit, méntaan duit ka unggal nu mawa kandaraan.
Kadang sok hayang seuri lamun ningali manéhna ngobrol. Sok ngadalil maké Ayat Quran. Malah sok maké tapsir sagalana, ngan tungtungna dipapaés ku unyang-anying atawa bugang-bagong.
Cenah, manéhna boga cita-cita hayang ngadegkeun pasantrén tina bati jadi komandan ngecor jalan téh. Malah hayang naék haji sagala. Bari keukeuh embung ganti ngaran. "Apan hadé mun aya pingpinan pasantrén ngaranna KH.Asép Dugul," ceuk manéhna, teu kireum-kireum.