Ti saprak lulus. Muluhan taun kalarung. Babakti ka lemah cai. Rupaning tarékah dilakonan. Dileukeunan. Ti ngabaladah lahan nepi ka nanjungna ayeuna. Éska nu dipikacinta sulaya baé datangna. Tarékah mah tarékah, béak déngkak dilakonan. Nepi ka antukna jol aya sababaraha jalma anyar pinanggih daratang ka kantor, marawa map, arasup ka rohangan Bapa Kapala. Teu sawatara lila aya wawaran ti anjeunna.
“Ka sadayana dihaturanan kempel, urang mapag para tamu.Diantos di balé sawala sakola!” cenah. Nu diogan arunggeuk tuluy muru rohangan tempat pasamoan.
“Kasumpingan para Bapa miwah Ibu sadayana nu kajurung ku éska ti nagara, kalintang diajeng-ajengna ku pribados.” ceuk Bapa Kapala. Babaturan sukwan kaciri malah patinghareruk. Nareuteup jadwal nu geus teu nyésakeun deui lolongkrang. Ngalagenana biantara pangbagéa dumadakan jadi béda karasana, badis angin sawarga nu ngahiberkeun keprul harepan. Ngajaul ka alak paul.