Peuting nganteur bulan nepungan wanci. Macangkrama nyacapkeun kadeudeuh. Disaksian bulan nu anteng ngintip dina geuleuyeungna méga-méga."Janten badé angkat téh?" neuteup leleb hihideung panonna. "Dungakeun, nya!" leungeunna nyampai na taktak. "Ah... kumaha mun ké sono?" manyun ogo, carinakdak."Pan tiasa nelepon!" Tuluy nangkeup, karasa pageuh pisan. Wirahma ketegna atra, anca dina dada."Ngiring atuh!" neuteup pinuh harepan. Gideug. Celengok, nyium taar. Lalaunan ngalésotkeun rangkulan. Malik nukangan, ngaléngkahkeun sukuna. Meg dada karasa eungap. Beurat kacida. Bulan téh tilem satukangeun méga, basa samar katempo tonggongna, tuluy leungit ka jauhna.