Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Smackdown

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2015 20:34:37

Nini Suti, 80 taunan umurna, geus saminggu nganjrek di imah anakna nu bungsu. Tamba kesel, unggal poé ngasuh incuna nu lalaki. Keur meumeujeuhna lucu. Karesepna nongton gulat di salah sahiji stasiun TV. Daék teu daék, kapaksa Nini Suti kudu miluan nongton jalma nu keur silih banting. Lila-lila mah jadi resep ogé. Manéhna jadi apal saha Undertakers, Bigshow, Roman Reigns, John Céna, Triple H, Nikki Bélla, Rusév, Brock Lesner, jeung nu séjénna.
Hiji peuting. Kadéngé anakna ceurik jejeritan. Singhoréng disiksa salakina. Lalaunan disampeurkeun. "Aya naon ieu téh?" tanya Nini Suti. "Cicing siah kolot mah. Tong pipilueun!" ceuk minantuna poporongos. "Astaghfirullah al-adzim," Nini Suti ngusap beungeut. Duka kunaon, minantuna jol nyampeurkeun bari ngaheumbatkeun leungeun. Ngan sagilek. Plos..! Gerewek cangkéng minantuna ditéwak. Belewer dialungkeun bangun nu hampang. Gebro ninggang kulkas. Kapiuhan.
Teu lila tina awak Nini Suti kaluar cahya bodas. Ngawujud jalma jangkung badag kawas Bigshow.