Hiliwir angin teu ieuh meper guligah manahna. Aya peurih nu nyanyautan, parat kana urat-urat getihna. Cimata geus teu kudu diomongkeun, sidik teu eureun budal ti anggalna kénéh. "Akang...," gorowokna peura.
"Kaula nun...," aya sora némbal ti langit. Nyi Mojang rungah-ringeuh. Nelek-nelek asal sora. Nya tidinya, ti bulao langit luhureun tepasna. Aya sumirat 'na panon beueusna. "Akang...," gorowokna deui. Ngarep-ngarep nu tadi némbal katempo jirimna. Moal teu dirawu dipangku. Dirungrum digaléntoran. Kasonona geus méh-méhan lébér. Beubeureuhna nu dipicinta lawas ilang tan raratan.
"Kaula nun...," sora nu sarua datang deui. Ayeuna mah jeung beledug sora guludug bari ujug breg hujan gedé. Nyi Mojang lumpat ngudag ka buruan. Tepika cipruk awak lenjangna kabaseuhan. Ngeukeup kalangkang bari iibingan. Aya kabungah témbong 'na pameunteuna. Dibarung sora inghak indung ti tukangeun jandéla.