Anteng mencrong layar hapé. Sakecap dua kecap. Dironcé, ditimbang sina pas. Ulah giung atawa teu karasa nanaon. Diwawaas. Ti nu polah panon nu teleb neuteup nepi ka nu ngiceupna naha kalah kah jadi siga nu molototan pinuh ka ceuceub? Tina renyu biwir nu kéom, seuri nepi ka nu manyun ogo naha kalahkah siga nu ngaléléwé? Usap deudeuhna gé kalah siga nu nurihan ku daun eurih, peurih. Ah...Aing mah. Ngetik deui. Hapus deui. Ngetik deui. Diilo. Pung ngapung.
Jul-jol nu mairan, nu resepen aya nu kerung aya nu nyarékan gé aya.
"Naon ieu? Fikmin kieu patut diapungkeun. Teu bakat manéh mah, geus teu bisa mah macaan wé fikmin nu alalus!" cenah
"tapi da hoyong atuh. Nyungkeun bimbinganana Kang!"
"Moal bisa dipaksakeun gé manéh mah pan geus teu boga haté. Jadi moal apal cara ngolah rasa!" teugeug.
"Kang, balikkeun atuh haté abdi! Bosen kulawu waé, hoyong nyobian ngayas deui!" teu aya waleran. Simpé.