Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."

Kabaya Bungur

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 19 Januari 2015 15:02:32

Rebun-rebun. Halteu haneuteun. Nyi Ratih, diseragam bodas-beureum, ngajanteng gigireun Ma Nini nu geus saged: Kabaya bungur. Samping réréng. Lalayu sekar. Nyanghareupan nyiru pecel dagangkeuneun. Karéta cunduk. Ma Nini gura-giru nyuhun nyiru. “Cuang meuli kantong téa, Nyai!” ceuk Ma Nini méméh sup kana karéta. Nyi Ratih nyéréngéh. Ngusapan tasna nu rawék.

Pasosoré. Nyi Ratih ngajanteng di halteu. Mapag Ma Nini nu geus maneuh mulang dagang sok kana karéta soré. Nyi Ratih umat-imut. Nyipta-nyipta tas anyarna. Teu lila, gurudug karéta cunduk. Panumpangna pabuis. Nyi Ratih luak-lieuk. Nengetan sakur nu turun. Weléh. Kabaya bungur bet suwung. Ma Nini lebeng. Halteu simpé. Beuki simpé.

Isukna. Layung keur sumedeng hurung. Hibar di halteu kulawu. Nyi Ratih ngajanteng. Samar polah. Katénjo tambah guligah barang gurujag karéta. Nyi Ratih seseledek. Ti lawang ka lawang. Culang-cileung. Alak-ilik. Tapi Ma Nini bet suwung. Nyi Ratih andiprek. Nginghak. Barang cengkat. Bréh. Aya lamak pulas bungur. Awir-awiran. Nyelap dina gilinding karéta.