Teu ngahaja. Bet lagu éta deui nu kareungeu. Lagu nu pernah teu eureun-eureun didéngékeun beurang, soré, peuting, isuk-isuk. Malah pernah dua poé tuluy-tuluy. Lain wirahmana. Lain kecap-kecap nu aya di jero laguna. Tapi pédah manéh pernah ngomong, yén éta lagu téh sok maturan mun guligah datang.
"Tingtrim, A. Tiis kana haté ngupingkeun lagu ieu mah," ceuk manéh harita. Haseup roko diserebungkeun lalaunan. Haseupna ipis. Uing maling rérét kana éta biwir. Jadi inget. Asa teu pernah ningali huntu manéh. Unggal panggih gé sok balem bari teu eureun nyeuseup roko, djisamsoe, karesep manéh.
Teu ngahaja. Bet lagu éta deui nu kareungeu. Bari melong lalangit, lalaunan uing nuturkeun unggal kecapna. Tuluy nutupkeun simbut kana beungeut. Peureum. Ngabayangkeun beungeut jeung sora manéh. Atra pisan. Manéh nu tara diwedak, tara dilipen. Bet hésé dipopohokeun. Manéh mah sigana geus poho. Uing ngasms geus 53 kali gé, teu dibales sakali-kali acan, geuning.