Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Tong Salah Nyebut!

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 10 Januari 2015 07:30:35

Tos asar nembé uih sakola. Nuju calik ditéras, ngalaan sapatu, aya Uu masihan idangan. "Yeu Néng, pasihkeun ka Ema, Uu salametan bumi!" saurna. Énggal-énggal lebet,
"Ma...Ema...ieu dipasihan idangan ti Uu," mapah rusuh ka pawon. Jeduk. Nabrak si Aa.
"Naon atuh senéng jeung lulumpatan? Naon éta na pipiti? Ningali!" ngarebut.
"Ulah ih...ieu mah kanggo Ema saur Uu gé!" lumpat deui. Paudag-udag.
Bréh, Ema, nuju mesékan roay di saung kebon.
"Ema...ieu...pipitina badé dicandak ku si bo-a," nyorowok.
"Kadieu kadieu aya naon? Oh...ti saha? Huapan ku Ema nya." Gék, calaralik di saung. "Eh, tadi teh naon pipiti? Teu kenging nyebat kitu nya. Pamali, bésék kituh!" saur Ema. Duaan papelong-pelong. Teu ngartos. Rét kana tutupna. Aya seratan 'Ma Iti'.