Hujan miripis, éta karesepna, ipisna cahaya panonpoé ngarungrum bumi. “Apan sok aya katumbiri,” pokna, bari tatanggahan, aya anu ditéangan. “Tuh ning,” nuduhkeun ku lancipna angkeut. “Ah rék dipilari, ka palih mana nutugna.”
Ulah.
“Naha? Ku margi tebih?”
Kitu ongkoh. Jeung bisi kagoda laju kabandang. Atuh engké kaleungitan deui anjeun.
“Padahal asa hoyong pisan nété éta tarajé emas,” pokna. Ngaléndéan. Kaambung seungitna sésa kuramas. “Da moal mios ngantunkeun deui salira atuh. Hoyong nyarengan dugi ka tutup umur,” semu diharéwoskeun. “Tos karaos kumaha tingtrimna, diri aya dina panyalindungan.”
Boa enya tingtrim nu karasa ku manéhna mah. Padahal diri sorangan teu kitu. Remen marudah guligah, hirup téh ngan asa gagal jeung gagal, antukna ngajéngjéhé jadi pacundang. Tapi, éta kalimah teu dikedalkeun. Teu. Moal rék. Manéhna ulah tepi ka apaleun. Ulah. Mugi-mugi Gusti ngalampud lalakon nu geus kalarung, terus ditiup jadi kekebul.