Ti kajauhan. Hanjuangna geus némbongan. Semu lumpat, ngagugusur kangen. Anjog ka hareupeun tetengger. Taneuh beureum. Tungkul, mapatkeun Fatihah tujuh balénan. Yasin digerendengkeun nepika tamat. Cipanon ngeyembeng. Rérés doa, ngawiridkeun ngaran hiji tangtungan: Buuk bodas. Kopéah, baju koko reujeung sarungna gé bodas. Unggal gék 'na korsi di madrasah, kitabna konéngna tara angger dibukana. Teuing kaca sabaraha nu dibaca. Tapi nyambung. Pajarkeun suluk mah nété tarajé. Lain ngojay bari teu neuleuman, cenah. Djisamsoe pisan nu sok maturan unggal surahan marifat bodasna. Kadang sok bako cap panékér. Mun réngsé ngabandungan, sok hararampang haté. Kadang mun tengah peutingna hudang, tuluy tahajud. Sujud téh sok hayang lila harita mah.
Hareupeun tetengger. Dampal leungeun katuhu numpang 'na dada kénca. Nangtung semu dongko, ngahurmat. Pamit. Taun hareup rék ka dieu deui.