Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Nu Diperedih

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 12 Désémber 2014 00:27:17

Tara-tara ti sasari inget baé ka manéhna. Katresna gumulung dina embun-embunan. Tarékah némbongkeun hasil. Waktu imutna dipasrahkeun ka kuring. Réma-réma nu marecut, ngasongkeun haté. Sangkan dipangukirkeun ungkara rasa. Antara kuring jeung manéhna. Teu pira sapada sajak. Isukna kuring ngasongkeun ungkara nu diukir dina haténa. Manéhna gideug. Rarasaan mah geus merenah. “Teu kenging rurusuhan, Kang,” omongna. “Nyuhunkeun nu diukir nganggo rasa,” kitu paméntana. Haté teu ditampanan. Kuring balik deui. Sajajalan mikir. Asa geus bener. Nepi ka imah diilo deui, ukiran ditelek-telek. “Enya kurang merenah,” kuring ngaganti ungkara. Mupusan nu geus diukir. Méméh dijieun dina haté manéhna, nyobaan heula dina keretas, diterapkeun dina kai. “Diilo deui, ditelek-telek, loba kakurang,” cekéng. Keretas ngahunyud, patumpuk jeung kai gagal, diéntép di jero gudang. Teuing mangsa purnama nu kasabaraha likur. Kakara uing hasil, luyu jeung paméntana. Laju dibawa ka imahna. Di buruan kasampak nini-nini ngasuh budak, “Enin, tamu!” Manéhna ngarérét ka kuring. Beueus ku cimata. Bagja.