"Émut kénéh teu?" Saur bapa bari nunjuk kana sapédah BMX beureum nu kantun rangkana. Kuring unggeuk. Sanés mung sakadar émut kana sapédahna, tapi kana kajantenan puluhan taun kalangkung. Di lapang alit payuneun sakola inprés, ampir unggal dinten bapa ngadodorong, nyepengan, malihan sering lamokot pananganana pami ngalereskeun ranté sapédah nu lésot. Lirén-lirén téh saatos kuring lancar ngajalankeun sapédahna.
"Sabaraha kali geubis harita téh, Jang?" Kuring ngahéhéh. "Teu kaétang, Pa."
Rét kana rarayna. Ti kawit ema ngantunkeun, bapa sering pisan teu damangan. Dina socana katingal aya tineung nu kalintang pageuh. Kadang Kuring sok ngaheruk pami ngadeheus. Sok kateuteup anjeunna tatih saluareun panto. Mayun ka palih kalér, ka Pasir Ipis, tempat ema dikurebkeun.
"Tos sasasih ayeuna, unggal wengi bapa ngimpen tepang sareng ema hidep. Siga nu sonoeun, Jang," saurna. Kuring deku. Manah mah ngaraos lewang nu kacida.
10 dinten ti harita. Nuju anteng didamel. Aya telepon ti ibi, rai bapa nu bungsu.
"Bapa...."