Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kang Kosim

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 12 Novémber 2014 09:24:11

Kang Kosim. Jangkung, langkoyang, jeung carang takol. Tara kungsi kedal kekecapan garihal, matak nyentug kana angen anu lian. Saucap-ucapna tara tinggal ti “sumuhun”, “sayaktosna”, “saé pisan”, “alhamdulillah”, jeung sapapadana. Diémbohan rengkuh jeung pasemon béar marahmay. Jauh tina pidorakaeun, sakurang-kurangna anu dilantarankeun ku omong-omongan jeung papada.
“Badé lajeng ka mana Abah téh?”
“Tah, rék ka landeuh, rék ngajorag si kurang ajar?”
“Oh, sumuhun.”
“Tuman tuda, wates tanah hayoh wé diésér-ésér. Lila-lila lahan déwék béak atuh, ngan kari gawirna wungkul.”
“Sayaktosna, Bah.”
“Pokona, mun ayeuna wani nyangangang, rék ditampiling, lah!”
“Jih, saé pisan.”
“Jeun teuing mun tepi ka kudu urusan jeung désa gé. Pokona kakeuheul anu geus lila disidem bisa kabudalkeun ka mangkelukna.”
“Alhamdulillah.”