Para Pangagung balakécrakan di lebet hotél méwah. Sakantenan ngabahas rupaning anggaran nu kedah digolontorkeun. Sakapeung ditémbongkeun dina layar badag potrét rahayat nu seueur kakirang. Kamiskinan. Cénah. Nu bayuhyuh nunjuk gambar nu mulungan dahareun sésa. Camuil tuang. Ceuleukeuteuk seuri. Baturna mairan ku ngagakgak. Kitu jeung kitu bé dugika bosen. Teras aranjeuna cengkat dibarungku patingséréngéh. “Saéna langkungan,” cék nu geulis. “Kantenan,” nu mingpin gempungan nyéréngéh. “Moal ageung teuing?” si lenjang bangun hariwang. “Moal, hususon,” si ganteng kalem ngarenyu. Tidinya lajeng ngudaran manahna séwang-séwangan, aya nu dianclomkeun kana gelas, nu dilebetkeun kana laci, digolérkeun luhur kasur, ditambutkeun kanu dénok, sareng sajabina. Enjingna waktos dugi ka lokasi. Taya nu kersa lungsur tina kandaraan, cekap noong ngalangkungan spion. Arijid. Saurna. Mung waktos wartawan sarumping némbé papayun-payun, méjéng. Wengina. Media ibur. Margi dada kéncana gorowong. Getih rembes maseuhan anggoan. Nu nongton janten ngurel. Aya ogé nu ongkék babalongkéngan.