Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."

Hiji Lalakon

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 14 Séptémber 2014 23:20:12

Bérés dirapalan. Diriung anak, incu, jeung buyut. Para tamu ondangan mah ngahaja sina ngarantay dahareun. Marasmanan. Teu hararayang teuing kudu sasalaman jeung nu rék ngawilujengkeun. Kacapé-capé.
"Wilujeng Eyang..!" ceuk salah saurang buyut uing nu umurna 275 taun. "Wilujeng..! Ngiring bingah," salah saurang incu nu umurna 212 taun ngarangkul bari nyiuman pipi.
"Selamat, Béh..!" Si Bungsu nu karék 180 taun ngusapan sirah uing bangun deudeuh.
"Didu'akeun sing bisa ngawangun rumah tangga nu sakinah mawaddah warohmah," ceuk mitoha lalaki nu keur dilahun ku pamajikan.
"Dupi Ema di mana?" uing nanya ka sakadang mitoha.
"Indung manéh mah keur disusuan kénéh di kamar ku Si Cikal..!" jawab mitoha bari ngéng wéh léwéh da hayang ngolomoh peremén loli.