Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Bharatayuda

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 14 Séptémber 2014 22:11:04

Bisma geus rubuh. Najan kitu can tangtu meunang Pandawa téh. Sabab gantina panglima Kurawa Resi Drona, guruna. Resi Drona nu tadina kémpréng naha atuh waktuna perang mah dumadakan cageur. Ngulinkeun pedang, gada, komo mentangkeun panah mah kacida tapisna. Taya bédana jeung Bisma. Saha nu bisa ngayonan wewesén Drona. Arjuna najan hébat gé apan muridna. Saluhurna gé taktak moal ngaluhuran sirah. Duryudana ngagakgak nénjo prajurit nu aya dipihak Pandawa pating kocéak katiruk panah. Pandawa kadéséh. Keresna surti nempo Arjuna bingung téh. Gelenyu imut. “Tulungan, Kang,” cénah. “Antosan, Yi!” jut tina karéta. Kaluar ti médan laga, kuncung-kuncung muru rahayat nu keur ngagimbung di sisi tegal Kurusétra. Tuluy ngaharéwos ka tukang céndol. Teuing naon nu diomongkeun Keresna, geus kitu asup deui ka médan perang. Teu kungsi lila rob téh nu lalajo ningker dalang. Tukang céndol nyorowok, “Dalang tong licik! Drona téh kémpréng naha jadi jagoan!” Nu lalajo ngoyag-ngoyag panggung. Dalang ngadégdég handapeun gebog.