Bulan mabra. Angin ngahiliwir. Hawar-hawar ajag babaung. Nu nyikikik. Meupeuskeun simpé. Matak muringkak. Kitu sotéh cék nu can nénjo. Geulisna bawa ngajadi. Rancunit tanding widadari. Dina hiji poé. Pirajeunan ngulampreng ka taman. Mangsa panonpoé keur molotot. Sang Surya teu ngiceup nénjo keureut beungeut ngadaun seureuh, tarang téja mentrangan, irung kuwung-kuwungan, cangkéng lengik lir papanting, imbit dempok. Matapoé ngembang kadu. Napasna turun naék. Tikoro ngadadak tuhur. Kumétap. Kunti ngarérét. Luk tungkul. Bungah aya, éra aya diteuteup ku nu gandang téh. Jen ngajanteng sisi talaga. Tuluy ucul pakéan. Culang-cileung. Taya nu lian kajaba dirina jeung panonpoé nu ngawaskeun. Terus tanggah. Keleweng malédogkeun imut. Gap. Disanggap ku panonpoé. Celepot dicium. Gejebur. Nu geulis teuleum. Ngeueum awak. Sakapeung sok ngarérétan ka nu ti tadi mencrong. Tuluy gugupay. “Yap, sarengan,” gerendengna teu sadar. Puguh éta pisan nu dianti. Teu mikir deui nu ngaduakalian. Surya ngajleng ti jomantara. Clé sisi talaga. Kunti ngarénjag. Langit ngadadak angkeub.