Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Aki Vs Jaman

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 07 Séptémber 2014 22:35:30

Pluk. Tarompét ragrag tina cekelan Aki. Leungeunna nu geus lilineun teu kuateun. Da dibarungku lini nyaan. Jagat ngarieg. Najan ukur itungan detik. Loba imah anu rubuh. Wangunan paburantak. Kendang, goong, nayaga, racleng, duka ka mendi. Manéhna ngajurahroh gigireun Jaman. Untung teu diluluh gé. Jaman molotot nulak cangkéng. Aki hudang lalaunan. Ngeprukan ruruntuk budaya. Nu pinuh ku harimumu. Gap kana tarompét kameumeut. Diberesihan. Ditatap. Diusap. Teu karasa cimatana ngeclak. Rét kana saukujur awak nu kagampar dina eunteung retak. Kulit peungkeur kari kenyodna. Tapi rikatna metakeun jurus napel kénéh. Nyéh imut. Pasang kuda-kuda. Tarompét ditiup dina lagu buah kawung. Sorana patingsaléor. Sugan bisa kawas bihari. Tarompét disimpen deui. Teu kungsi lila barudak sakola patingtorojol. Aya ogé urang asing. Nareuteup sekeut kana tarompét nu dipajang. Kahalangan ku kaca. Guide. Pepeta nerangkeun. Aki neuteup ti jauhna. Laju ngaléngkah, maksudna hayang negrakeun kareueus. Orokaya Jaman kaburu megatan. Aki maksa. Jaman keuheul. Jebrod. Ngagaplok. Aki ngadalideug.