Kuliah nincak taun kalima, tacan aya kelemeng nyusun skripsi. Kalah anteng ngurus organisasi. Jadi Ketua BEM Universitas. Saban mitembeyan taun anyar, pangeusi kampus asa tambah loba nu rancunit-lalenggik. Matak barieukeun. Kagiatan ospék jadi lahan pikeun ngécéng, mun bébéné heubeul mimiti pikaboseneun. Kawas ayeuna, geus kadua kalina tepung jeung si camperenik. Poé kahiji, cukup disérangkeun. Poé kaduana, mimiti wawanohan.
“Kadé, pami pagéto ngawitan ospék, ulah kasiangan, nya. Tabuh genep kedah tos di kampus.”
“Abdi mah moal ngiring ospék, da.”
“Naha? Sieun ku para senior? Moal nanaon. Pami aya nu macem-macem, sebat nami Akang.”
“Moal ngiring wé, da teu kedah.”
“Jurusan naon kitu kuliahna? Naha bet teu diwajibkeun ngiring ospék sagala?”
“Abdi, di Konsentrasi Manajemen Penerbangan.”
“Ké, ké, fakultas naon, nya? Asa teu aya ah, nami jurusan éta mah.”
“Muhun, nembé dibuka taun ieu, di Fakultas Pasca Sarjana.”
“Oh ….”
Ngadadak ngulapés. Siga kapuk kaléléd tsunami. Awak asa ngaleutikan-méotan. Jadi sagedé kwaci.