By Kikin H. Mutaqin
Kolotrak panto dapur aya anu muka ti jero, sabot kuring keur uprak oprék di buruan tukang. Dilieuk téh si cikal geus saged rék miang ka sakola.
“Abah, Aa badé nyuhunkeun ongkos bekel kanggo ka sakola!” Pokna téh.
“Har, naha Ibu teu masihan kitu? Pan Abah mah teu nyepeng artos.” Jawab kuring.
“Duka da dina méja ge teu aya nanaon, rupina Ibu hilapeun nyayogikeun.” Pokna deui.
Sigana pamajikan satutasna nyiapkeun sarapan barudak teh, jol jung baé indit pikeun rutin ngider ngadagangkeun dodongkal ka lembur-lembur sakuriling. Kuring ngahuleng, bari ngusiwel ninggalian dompét. Ngan ukur aya lima rébu rupia, padahal kiwari ongkos bulak-balik budak ka sakola SMA Hiji di kota Bogor ti lembur Bantarkambing ditambah pikeun jajanna téh pan duapuluh rébu rupia.
“Kumaha atuh A, geuning Abah mah mung aya lima rebu, da moal picekapeun atuh?” Pok kuring ngasongkeun bari rada ngahelas balas ninggali budak moal pisakolaeun poé ieu.
“Sawios lima rébu rupia ogé, nu penting dinten ieu Abah ngawidian Aa nambut sapédah Abah kanggo ka sakola!” Jawabna téh malah bari nyéréngéh semu atoh.
Alhamdulillah, budak téh teu ieuh ngarasula. Tara teuing jiga barudak séjén anu geuning marénta motor ka kolotna.