Karék ogé nulis judul, rajléng kaluar dua urang wanoja tokoh carita manéhna. Bari saleuseurian. Nu hiji maké baju beureum geueuman. Nu hiji teuing maké baju nanahaon. Ngan katingali, bangun ngécé.
“Anjeun anu néang kuring nepika béak umur téh?” nyereng. Ukur dijawab ku heuay. Bangun bosen.
“Cenah, keur nganti telepon ti kuring. Mani kingkin kaleuleuwihi.” Saruana, ngan dijawab ku imut ipis. Der silitukeuran gosip. Pabaeu-baeu. Metotan ngajak asup kana monitor.
“Gandéng, ieu kami jadi galingging. Lain keur paruasa. Siga nu keur paranas tiris.” Diképéskeun.
Duanana ngagakgak. Eureun nyakakak, malik muncereng. Tutunjuk balas tutuduh, majar téh. Kaayaan piliganti. Adu regeng parebut paisan kosong. Sérélék. Tetempoan katutupan pepedut warna getih. Ruhay. Klik, maus ngalabur tokoh-tokoh wanoja dina dua fikmin. Meredong. Laju dialungkeun kana carangka runtah. Jep, sapisan.
“Tiis ceuli hérang panon. Betah tumaninah hirup dina sawarga dunya.”
Celetit, aya nu nyiwit. Bari ngadilak lucu. “Bonganna…”