Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Arransemen Anjeun Jeung Kuring

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 13 Juli 2014 19:23:04

Ngimeutan partitur aransemén anjeun nu anyar pisan. Introduksina jumarigjeug léléngkah halu. Aya ciri notasi panggeuing ulah dirumpak, ngarandeg, manjangkeun, mondokan, atawa ngajeten teu ingkah di dinya. Kalan-kalan ucad-aced siga staccato atawa permata kumaha kahayang. Aya wates bar demi bar kahirupan anu kudu disorang tésis ketukan kahiji atawa arsis ketukan kadua. Da Capo atawa mulang deui ka pangbalikan. “Ieu konci F mayor tujuh min lima,” ceuk anjeun ngaharéwos. Aya rasa dumeling kakeueung kalalar sora gembrung hitarna. Tétéla mayor jeung minor hésé ngabédakeun. Lir kelir bodas jeung hideung jadi kulawu. Introduksi, réalistis, interlude campuh pagalo jeung émosi. Antukna hirup kumaha béhna wé, rék aransemén komposisi anyar atawa balik deui ka anu heubeul. Teu langkung anjeun.