“Amang, kumaha damang? Alhamdulillah, abdi nembé ngaréngsékeun mahar. Salami tilu taun, saban dinten tara kakantun takbiratulihram subuh di masigit. Tos katalar 30 juz. Atuh ngaos saban minggon, taya nu bolong. Bari saum, dua balén hataman. Kamari aya pamundut Ajengan, sangkan kuring kuat ngojay 6000 meter. Biasa, aya proyék.
Saatos Apa ngantunkeun, ngan ka Amang kuring nyaluuh. Ema, najan teger, katingali sok ngolémbar. Komo kamari mah, rudal Israél ngarubuhkeun papiliun hareup. Si Adé keur anjang-anjangan karurug. Najan Ema jeung kuring rido, angger teu bisa diantep. Amang..Nitip Ema.”
Lalaunan. Surat diambung. Seungit kasturi. Engapan beukah. Reueus, geugeut jeung meumeut. Bral geura miang. Isuk pagéto Amang nyusul. Rét kana surat kabar. Aya tulisan ngajeblag. Dibaca bari carindakdak. “..dina kaayaan saum, ngojay 6 km di lautan Gaza. Jeung Brigade HAMAS. Ngagempur tentara Zionis, nguwak-ngawik, ngacak-ngacak. Badis singa bayangan. Laju kasambut.”
Wilujeng, Lo. Sawarganing Dalem Ahérat. Bidadari nganti-nganti. Euweuh pikasediheun, ngan ieu cimata, teu ka ampeuh..