Tambakan situ. Pasosoré. Layung ngempur. Beungeut cai tingrariak. Ngombak. Kalangkang dadap cangkring oyag-oyagan. Kaendagkeun angin lamping pasir. Bango Tongtong dodongkoan. Ngadodoho kocépat sepat.
Soang tingkoloyong. Éntog tingkucuprak. Anak meri balawiri. Nutur-nutur indungna mapayan sisi talaga. Sapangeusi situ sukan-sukan, dibaturan hibarna layung.
"Kaaang!" "Noook!" Soang sajodo patémbalan. "Geura siram, Kaaang! Geura kuramas! Kapan énjing badé munggahan!"