Poé Ahad. Isuk kénéh. Ibun kakarék nyingray. Matapoé anyar meleték. Gura-giru ka pasar. Ras kana talatah Apa. "Hayang ngurek Apa mah. Béjana belut Bornéo mah baradag," kitu pokna, basa harita mulang ka lembur. Karesepna téh, Pais Belut. Komo dipais-barikeun mah. Isukna dihaneutkeun deui. Dibubuy dina lebu panas. Karasa nyerep surawungna.
Belut sapigeulang orok. Dibesét. Jeroanna dikaluarkeun. Gap kana talenan. Ceg kana panakol. Geprék-geprék. Dipekprékan tangka rata. Gampang ngasakanan: rék digoréng, dipais, atawa dikérécék. Ongkoh samara sok leuwih nyerep. Karasa uyah-asemna. "Kang ngala pucuk jambu-batuna atuh!" indung budak ngingetan, resép buhun warisan pun Biang. "Ngarah seuseut leuleueurna," kitu papagah ti Ema.
Pabeubeurang. Réngsé Lohor. "Hengén atuh Kang," bari pakpikpek ngatur eusi méja makan, "Ujang-nyai geura dalahar!" pokna ngahuit barudak nu keur anteng campego hareupeun TV. "Geura do'aan atuh Kang, ngarahmatkeun ka jenatna Apa sareng Ema, meunpeung aya pais belut kasedepna!"