Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

1984

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 04 Juni 2014 19:02:17

Saunira tandana panjang sinenggih sabda uninga, sabda uninga. Béla pati dening asih, ya déning asih. Wong asih aja kentara…Jrék! Béwara tina lawong ngoncrang ka unggal wewengkon. “Hayu urang jihad fi sabilillah!” Bereyek jelema, lalaki kolot-budak, muru lapang taneuh beureum. Dijiad, dibekelan isim, moal teurak ku pelor, sirah dibengker maké tulisan Arab. Wanci haneut moyan anjog ka pangjugjugan tinggorowok. “Kaluarkeun siah balad aing!” Panas beuki morérét marengan héabna amarah. Di peuntasna aya bedil samagréng, samakta ngajaga bancang pakéwuh. Asma Anu Kawasa digorowokeun bari nyerang markas anu dianggap kafir. “Gusti Maha Agung… Gusti Maha Agung!” Gorowok ti peuntas. “Pasukan.. . tembak!” Dérédéd sora bedil, jelema tingjurahroh, dada, beuteung, gudawang. Getih ngamalir maseuhan jalan maseuhan lemah maseuhan cipanon indung jeung anak pamajikan. Darma wawayangan manusa sok rajeun poho purwadaksi. Gunung moal palid ku caah, maléngpéng munding ku pakél. Inalilahi wa inna ilaihi rojiun. Paéh alatan bodo dibéakeun ku sorangan.