Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Agama Kuring, Cinta

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 04 Juni 2014 11:07:00

Ditilaman cinta mah sagalana éndah. Nguntup sagala kaayaan jeung nyusup sakabéh sélér. Meulah katugenah jeung karingrang. Meunang duriat saban jalma. Kajeun musuh, komo baraya. Nempo jalma weureu ngéwa, matak pikasediheun. Salawasna hirup betrak-betruk. Pinuh ramat nu ngabaruang jiwa.

Aya dimamana. Teu kudu ngaliwatan sirah Ajengan. Nu lolobana dapon engab. Mending kieu. Euweuh baribineun. Nyaliara. Lain basa létah, tapi rasa. Euweuh wates nagara. Rohang dada tara kungsi gudawang. Salawasna ngeunteung kaasih nu ngancik tina ati kadang wargi. Saalam dunya. Moal aya kakawasaan atawa pamaréntahan nu leuwih kumawasa manan Karajaan Cinta.

Kelirna minda rupa. Tina kulawu kana kayas kasumba. Malah bulao, konéng jeung beureum. Matak sérab jiga kuwung-kuwung nu tingborélak. Hirup sapamadegan séwang-séwang. Euweuh aturan nu meungkeut kana purwadaksi. Ngan cinta! Cinta nu bisa kieu. Dahar, jatukrami, gering tepika dikubur, kuring mah, ngan maké hiji agama. Ka Munkar-Nakir ogé, cukup waé, “I love you, babe..!”