"Kéla Lo, nyalsé wé," nyot udud, diseuseup, tangka kempot, "ngadongéng mah gampang," pung, ngulinkeun haseup, ngelun, "rék rada lila Alo di lembur téh lin," ret neuteup, nyot deui, "burey kénéh Emang gé harita téh," peureum-beunta, ngumbar rasa, nikmatna ngenyot kéréték, "harita téh Si Bapa, enya Bapa Alo, kacilakaan," belengéh, waosna kondang, kapuput haseup nahun, "katinggang pabrik aci, runtuh," neuteup lalangit, ngumbar tineung, "ringsek, sabuku-buku tulang, teu walakaya," carindakdak, ngarakacak, "ma'lum jaman harita, jauh ka dokter," ketruk-ketruk, ngetrukeun calacah, "nya ditambaan ku Si Aki," jegoh, jegoh, ngahéhéh, "géus kolot Lo, Amang téh, batuk waé," srod, ngésérkeun diukna, dayadag, "ngageduk Si Aki ngali lombang, di buruan tukang," rét ka Si Embi nu nyuguhan kopi, melengseng, "sok bari ngopi Lo," srod deui memener diukna, "regeyeng dipayang, sina ngajolopong dina lombang," rét ka lawang panto, si jago kukak-kokok di téras, "rup ku padung, rap ku lemah, disolobongan gombong, aya kana samingguna," pokna mungkas carita.