Tingkalices. Siga kiceup anjeun. Mugurkeun purnama nu nyanding tresna. Méga malang ukur ngarahuh. Dina lahunan Astéroid nu nyanghunjar, nyarandé kana balé kawaluyaan.
“Bangun jadi Baratayudha di Éndonésa téh. Padunggung ti Sabang nepi ka Maroké. Nu nyekel bandéra beureum sabaladna, bangun kumejot. Hayang geura diistrénan di dieu.”
“Kitu deui nu bandéra bodas. Jiga rébo babawaan. Teu katara longkéwang. Teuneung. Wadya baladna rupa-rupa bandéra. Konéng, bodas, biru, héjo.”
Duanana tingharuleng. Menrong nagara nu kumalakay.
“Lain Perang Barata ieu mah, da euweuh Korawa.”
“Jadi perang naon atuh?”
“Parebut tanggung jawab.”
Méga malang ngeluk tungkul. Teu kaampeuh. Murubut cisoca.