Isuk-isuk. Di buruan masigit. Odin saparakanca pakepuk. Ngadegkeun balandongan. “Rajaban taun ayeuna kudu leuwih ramé batan taun kamari!” Kitu saur Dén Jumena. Nu tos gilig seja nyaleg. Nu ujug-ujug béréhan. Bro. Sumbanganana. Jangeun ngaréhab masigit. Kiwari témbong ngajenggléng. Kari hajat Rajabanan. Obyag. “Haruuuh, seueur tuangeueueun!” Daris cacamuilan. Sabot ngadalékor panggung.
Keur jarongjon digarawé. Kapireng nu haokhamprong. “Bongkar! Bongkaaar! Bongkaaar!” Cenah. Leuwih songong batan lawong. Odin cengkat. Bréh. Dén Jumena. Nulakcangkéng. Socana lir beuleum beusi. Rug-reg nu keur digarawé. “Sia naripu ka aiiing! Pulangkeun duit aing, anjiiing! Bongkar masigiiit!” Dén Jumena beuki maceuh. Dahareun ditalapungan. Odin murungkut. Ngurubuk. Can kararaban pisan.
Dén Jumena nyérénténg. Ngarebut gobang. Laju ngadékan tihang masigit. Betonan patingbelentrang. “Teu sukaaa! Teu sudiii!” Inyana gogorowokan. Tapi bet ujug-ujug ngahuleng. Tuluy nyéréngéh. Kawas nénjo nu pikaseurieun hareupeun. Nyakakak. Ngagakgak bari nandak. Odin molohok. “Ku uing dipasihan hiburan! Saumur-hirupeun! Tuman!” ceuk Si Colat. Jin sobatna. Ngaharéwos. Jirimna duka di mana.