Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 29 Oktober 2015 07:50:14
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Senén, 26 Oktober 2015 11:44
Risky Ashary: " punten. abdi teh hoyong muka kamus basa Sunda, namung teu tiasa, padahal tos login nganggo facebook. kinten-kinten naon deui nya nu..."
Jumaah, 16 Oktober 2015 01:57
Ndri Pedro: " Kang simkuring sesah lebeut kanu kamus,,,tos log in kanu fb nyuhunkeun..."
Jumaah, 16 Oktober 2015 01:55
Ndri Pedro: " Kang simkuring sesah lebwut kanu kamus,,,tos log in kanu fb nyuhunkeun..."
Senén, 12 Oktober 2015 00:49
Hamim Wira Mihardja: " ..."
Senén, 14 Séptémber 2015 07:34
Kusumah Dipradja: " Willujeng Enjing Kanca-kanca..! Sim kuring bade tumaros husus ka saderek Admin...Kumaha tiasa nami Sim kuring Kusumah dupradja sareng Pri Krisna di Non Aktifkeun alias di pupus tida rohangan n ieu ? Hatur..."
Saptu, 12 Séptémber 2015 17:52
Anita Ratnasari: " Assalamu'alaikum. Haturan wilujeng tepang. Haturnuhun ka admin tina panampianana. Seja ngirng aub, dina raraga nyuprih elmu basa sunda. Karumaosan kaisinan ku kadang wargi, ongkoh urang sunda, tapi teu nyunda dina..."
Saptu, 12 Séptémber 2015 15:07
Kusumah Dipradja: " Assalamu'alaikum Sampurasun, Hapunten anu kasuhun Sim Kuring wasta R Prianda Krisna Kusumah. Lebet dina ieu Rohangan dua nami Kusumah Dipradja sareng Pri Krisna. Tah kumargi Sim Abdi tos teu aktip deui oge kaleresan aya masalah, kumargi kitu Sim Kuring Nyuhunkeun Pang blokirkeun, ulah dugi ka muncul deui. Hapunten sanes Sim Kuring alim ilubiung dina ieu rohangan. Hatur nuhun kana perhatosannana...."
Kemis, 10 Séptémber 2015 13:26
Hamim Wira Mihardja: " Sampurasun.... Kaleresan nuju nyalsè, badè ngiring ngaderes di palih dieu. Salam baktos ka sadayana ti jisim..."

Limpeuran

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 23 April 2014 20:26:37

Tatamba mah tatamba méh ka saban anu bisa, geus puguh ka nu deukeut, pareng meunang béja! Aya nu bisa ngubaran kalawan matih, tara kungsi diengkékeun sok langsung dijugjug. Ngan édas kabéh ogé euweuh nu metu. Kalah béak duit. Tapi keun baé ngarana ogé ihtiar. Rumasa, ka dokter mah can pernah da éta sieun disuntik. Warisan mangrupa Kebon kalapa, kebon kawung, kebon kangkung jeung Tegallega mun panyu! Pasti dijual asal panyakit cageur. Ngan moal ari Astanaanyar mah bubuhan indung bapa uing karek sabulan dikurebkeunna didinya bisi kawalat.
Keur tatamba. "Gampang hayang cageur mah, naon rupa kajadian, ku manéh kudu catet!" Bah Suma, mikeun buku jeung pulpen.
"Mangga, Bah" ngamploppan seja pamit.
Isukna. Rék mandi, sumurna saat kapaksa milu mandi di imah tatangga rada anggang ti imah. Bérés mandi. Nurut kana papatah Bah Suma, anduk, sabun, baju jeung calana dicatet. Balik. Di jalan, kolot budak saleuseurian. Reup geuneuk ray pias, rumasa ukur dicatet, baju calana teu dipaké.