Ninggang mangsa. Peuting-peuting. Anjog ka hiji stasion nu dikeput ku halimun. Simpé naker. Nu rék mudik geus ngagimbung. Taya nu nyoara. Tingjarentul. Tingharuleng. Dina dingding nu rarengat, kalénder kari salambar. Désémber. “Pileuleuyan,” gumerendeng lalaunan. Panineungan kumalangkang ‘na lalangit nu meredong. Aya jam badag ramatan. Jarum-jarumna ngarandeg lebah angka duawelas. Pas.
“Karéta rék cunduuuk! Pamulang geura bebenaaah!” Kapireng kowowong lawong. Handaruan. Nu rék mulang tingkuniang. Cug-ceg kana babawaan. Tinglalieuk. Garugupay ka anggangna. Sumoréang. “Pileuleuyan!” Panineungan tingarulang. Sadrah. Kudu papisah. Kareungeu sora gumuruh. Beuki deukeut. Hatongna manjangkeun liwung. Sada ajag ngalanglaung. Ngagurujag ka stasion. Anjog. Karéta nu ngabebela. Rénghap-ranjug. Badis naga kalémpohan.
Napas karéta gegebos. Ngahelangkeun kalénder. Ngabencarkeun jam badag. Bet kadéngé sada pantona maruka lir jerit kapati-pati. Bruh-bréh. Lawang-lawangna harurung. Murubmubyar. “Wilujeng mulang! Mugia manjang narawangan!” Sora lawong ngajujurung. Arunggah kana gerebong. Tarapti. Metit piriwit tangara. Hatongna ajag babaung. Nyungungung. “Innalillahi,” gumerendeng. Manteng. Karéta gumuruh deui. Ngabelesat. Ngawang-ngawang. Muru padang pamulangan.