Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Bati Sabar

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 21 Maret 2014 22:37:20

Pangaosan Kemisan. Réngsé. "Kumaha Nyai, tos aya pilihan téh?" Bu Haji, garwana Buya ngadeukeutan. "Ieu geura aya calon," Bu Alwi ngasongkeun foto, "masih katalian wargi. Akuntan. Damel di bank!" pokna deui. "Abdi gé aya calon mah," Ibu Abu ngéngklokan, "tos damel, ngawulang, putrana pun Bibi!" pungkasna.

Tarbiyah Ustad Ahmad tadi soré, nambah teteg. Yén cenah jalan da'wah téh perlu pangrojong kulawarga. Utamana geureuha. Nongtoréng kénéh omongan salakina, basa dikolongan keretegna. Pokna gé, "Bapa mah Bu, teu rék ngajaheutkeun haté Ibu. Kahéman Ibu. Kagetén Ibu. Hamo bisa disisilihan. Atuh éta cenah upama geus nepi kana takdirna. Nyanggakeun wé kuma Ibu. Dina ayana gé lolongkrang, hayang dipangmilariankeun, sakumaha pilihan Ibu!"