Magrib. Kadéngé sora indung budak keur ngajar ngaji. Ihsan jeung Sarah deku nitenan huruf-huruf hijaiyah. Kuring nu karék balik ti masigit, ukur nyerangkeun ti tepas imah. “Nuhun gusti!” Ngagerentes. Ngan sakedapan, teu karasa geus ngong deui adan Isya. Rérés solat Isya, balik ti masigit kasampak barudak geus sararé. Song, indung budak ngasongkeun lalawuh. “Nuhun, Mah!” Dibales ku imut. “Geura leleson, Pa! Giliran Mamah dugi tabuh duabelas,” Gep, kana Qur’an laju ngaderes. Teu karasa, asa karék reup geus aya nu ngaguyah-guyah. “Gugah...” Dampal leungeun nyelecep tiis ka na pipi. Nguniang hudang, laju wudu. Teuing meunang sabaraha rakaat Qiyamul lail. Ka hudangkeun ku sora adan awal. Astagfirulloh, kasaréan. Aya nu imut sagigireun kuring. “Jigana, kedah nambihan rencang kanggé ngemitan peuting.” Kuring olohok, “Nyandung?” Manehna imut surti....*