Kadua kalina. Angger. Najan loba nu kosong, milih diuk téh di bangku barisan tukang. Méh rada nyingkur. Hayang nyamunikeun gumuruhna haté. Gumedurna rasa. Ka manéhna. Bulé awéwé nu keur daria biantara. Lain teu wani wakca. Kaéra jeung karumasa, sok datang miheulaan kedal. Antukna ukur ngabetem. Tug nepi ka réngséna acara.
Basa keur nyarandé 'na pager beusi sisi jalan. Manéhna. Nyampeurkeun. "Are you from Paris Van Java?" Socana anteb neuteup tulisan 'Bandung' dina kaos nu keur dipaké. "Muhun..., éh, yés!" Samar polah. "Nepangkeun, Aisyah," cenah. "Geuning tiasa Sunda?" "Punbapa ti California, punbiang ti Ciranjang." "Tiasa nyuhunkeun nomer..." teu kebat. Kaburu digupayan babaturan nu ngajak buru-buru. Gasik amitan.
Karék saléngkah. "Badé masihan nomer hapé, nya?" cekéng. Barang tungtung kaos tukang karasa aya nu metot. Taya walonan. Gilek malik. Bréh. Manéhna. Keur nyumputkeun imut satukangeun buku nu keur ditangkeupna. "Haram jadaaah...!" géréwék haté. Bareng jeung ngabéréwékna tungtung baju nu ngait kana pager beusi.