“Wilujeng sumping di dayeuh Bandung,” cekéng. Basa tepung peuting-peuting di lobi hotél. Néng Natasha. Mojang Jérman nu gamuleng. Imut leleb. Ngarangkul deudeuh. Eric Clapton gumalindeng. Jentréng hitarna ngalangkangkeun panineungan. “Paris van Javaaa!” Néng Natasha gumerendeng. Basa taksi ngageuleuyeung. Sungut ngabuih. Medar dongéng Sangkuriang. “Luar biasaaa!” pokna. Laju ngambung kana pipi.
Taksi ngangkleung. Lir parahu. Balayar di situ Bandung. Asa jadi Sangkuriang nyandingkeun Déwi Aphrodite. Nu dumalingding. Seungitna ngebekan kalbu. “Wah, geuning macét, Kang?” Néng Natasha gogodeg. Bréh. Kandaraan patutumpuk. Sora klakson tingjelengéng. Nilar taksi. Nyinglar macét. Jalan-jalan. Paduduaan. Mabok aroma katresnan. Tapi bau Cikapundung leuwih senget kaambeuna. Nyimpang. Ngabangbrangkeun kaharendeg.
Di hiji kafé. Eric Clapton gumalindeng deui baé. Néng Natasaha ngajak dangsa. Peuting nyambuangkeun asih. Na atuh, bet kapireng sora priwit. Patingjarerit. “Liwat jam dualas! Bubaaar!” Aparat patinggorowok. “Nazi..? Aya SS..!” Néng Natasha haroshos. Tingberetek. Tingbérébét sora bedil. Ukur bisa ngabelesat. Ngawang-ngawang. Papasangan. Nilar dayeuh nu ngabebela. Kumalayang. Ngadongkang bulan.