Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 29 Oktober 2015 07:50:14
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Senén, 26 Oktober 2015 11:44
Risky Ashary: " punten. abdi teh hoyong muka kamus basa Sunda, namung teu tiasa, padahal tos login nganggo facebook. kinten-kinten naon deui nya nu..."
Jumaah, 16 Oktober 2015 01:57
Ndri Pedro: " Kang simkuring sesah lebeut kanu kamus,,,tos log in kanu fb nyuhunkeun..."
Jumaah, 16 Oktober 2015 01:55
Ndri Pedro: " Kang simkuring sesah lebwut kanu kamus,,,tos log in kanu fb nyuhunkeun..."
Senén, 12 Oktober 2015 00:49
Hamim Wira Mihardja: " ..."
Senén, 14 Séptémber 2015 07:34
Kusumah Dipradja: " Willujeng Enjing Kanca-kanca..! Sim kuring bade tumaros husus ka saderek Admin...Kumaha tiasa nami Sim kuring Kusumah dupradja sareng Pri Krisna di Non Aktifkeun alias di pupus tida rohangan n ieu ? Hatur..."
Saptu, 12 Séptémber 2015 17:52
Anita Ratnasari: " Assalamu'alaikum. Haturan wilujeng tepang. Haturnuhun ka admin tina panampianana. Seja ngirng aub, dina raraga nyuprih elmu basa sunda. Karumaosan kaisinan ku kadang wargi, ongkoh urang sunda, tapi teu nyunda dina..."
Saptu, 12 Séptémber 2015 15:07
Kusumah Dipradja: " Assalamu'alaikum Sampurasun, Hapunten anu kasuhun Sim Kuring wasta R Prianda Krisna Kusumah. Lebet dina ieu Rohangan dua nami Kusumah Dipradja sareng Pri Krisna. Tah kumargi Sim Abdi tos teu aktip deui oge kaleresan aya masalah, kumargi kitu Sim Kuring Nyuhunkeun Pang blokirkeun, ulah dugi ka muncul deui. Hapunten sanes Sim Kuring alim ilubiung dina ieu rohangan. Hatur nuhun kana perhatosannana...."
Kemis, 10 Séptémber 2015 13:26
Hamim Wira Mihardja: " Sampurasun.... Kaleresan nuju nyalsè, badè ngiring ngaderes di palih dieu. Salam baktos ka sadayana ti jisim..."

Handeueul

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 15 Fébruari 2014 14:21:13

Jalan hareupeun Masjid kacamatan ngadak-ngadak ramé. Beda ti poé biasa, ti anu dagang balon nepi ka tukang cilok nyampak. Abrulan jalma ti suklak-siklukna ngaleut. Panasaran hayang ngabuktikeun tina béja pabéja-beéa cenah aya pangaosan anu di Ustadan ku ustad kondang anu keur jadi sabiwir hiji.
"Gancang leumpangna bisi teu kabagéan tempat" Tukang macul ngagedig leumpangna nyumangetan babaturan.
"Idih, ngan sakieu leumpang uing mah" Ngiclik, nuturkeun.
Nepi ka anu di tuju. Balandongan geus kakuliring ku noyégna jelema. Panas poé teu ieuh galideur. Denger kana papatah Ustad. Panungtungan tausiah. Jelema sakumna rungah ringeuh bangun teu sugema.
"Sarua wé jeung ustad nu lain" Tukang Macul ngungkug balik.
"Ari sugan téh aya adegan anu jiga dina Youtube" Baturna mairan.