Anggota anyar di lapakna téh. Fikminna gé karék dua. Teu pira dibebener kalimahna. Bet jadi malik teu suka. “Admin belegug! Nyanyahoanan!” Kalah nyieun status kitu. Kuman-koménna teu weléh ngahasud batur. Geunjleung. Inboks pinuh ku nu ngangluh. Garuligah. “Keun. Moal engké gé!” Cukup dijawab sakitu. Disabaran. Nu ngékéak beuki maceuh. Nyucud.
“Uing nyaho mangkelukna! Cuang warah!” Si Dajal nginboks. Okém meleg-meleg manéhna téh. Tara mikmin. Ukur getol ngajempolan. Dihulag. Dipeupeujeuhan. Teu némbalan. Heuleut tilu poé. Si Dajal nginboks deui. Bréh. Gebeg. Potrét dampal leungeun. Sapasang. Semet pigeulang. Ramo-ramona lamokot. Garetihan. “Ku uing dibuntungan! Ngarah teu bisaeun ngetik! Qiqiqiq!” cenah. Teu percaya!
Tapi nu ngambek ngiles ti lapak. Reuwas. Si Dajal terus diinboks. Teu ngawalon-walon. Guligah. Gulinggasahan. Peuting-peuting. Aya nu ngetrokan panto. Dibuka. Luak-lieuk di buruan. Taya sasaha. Bet nyelengseng bau bugang. Rarat-rérét. Bréh. Sapasang dampal semet pigeulang. Bilatungan. Tingkodomang lir kapiting. Curukna tutunjuk. Nyalampeurkeun. Beuki deukeut. Laluncat ngincer genggerong. Nyarekék! Tipepereket!