Kari saparapat poé deui nepi tabuh dualas peuting. Tirakat sanaktu wedal Kemis. Kaselang Solat wajib jeung buka puasa. Diuk sila teu ingkah ngawirid. Nurutkeun kasauran Mama. Tepat waktu. Bray panto panyepénan dibuka.
"Manéh tamat! Naon anu di pikayang bakal laksana!" Mama bagun reueus.
"Alhamdulillah" Bari awak lungsé ogé haté bungangang.
"Ngan omat lamun geus tinekenan maksud jeung tujuan ulah poho katemahwadi!" Dareda nyariosna.
"Kasauran Mama, Kacida di perhatoskeun" Tungkul, ajrih.
"Pan! Kahayang manéh téh jadi jelema beunghar?" ngayakinnkeun.
"Éta pisan nu di maksad" Pikiran kumalayang ka Néng Dince.
"Tah! Buka lamun geus ka imah!" Ngasongkeun amplop.
Amplop satengah di rontok ampir Mama ka leyek. Pamitan. Di imah Amplop di soéhkeun "Rék jadi nanaon ge hideup bisa syaratna ukur saratus lima puluh kecap ulah leuwih. Dalah aing ogé jadi Mama jeung hideup menekung tujuh poé tujuh peuting bisa, Sok komo ngalap beunghar pédah hayang kawin ka Néng Dince gampil" Tulisana jelas.