Betekok. Beungeutna sed saeutik ti careuh. Si Jebug. Tukang parkir. “Siah, teu kaop nénjo Néng Mala!” omong Satpam. Si Jebug nyéréngéh. Nyérangkeun nu ngalanggéor ka kantor. Saban usik dilieukan. Teu jebul-jebul. “Ngalembur meureun,” gerentes haté Si Jebug. Peuting-peuting. Basa Néng Mala can mulang. Simpé naker. Satpam gé duka di mana.
Ngajejengkluk. Culang-cileung. Bréh. Di buruan kantor. Handapeun tangkal campaka. Aya nu ngaronom mobil Néng Mala. Tingjuringkang. Samar-samar. Si Jebug curinghak. “Keur naraon, euy?” pokna bari nyampeurkeun. Dipapag tonjok jeung tajong. Buk-bek. Basa girimis miripis. Si Jebug dihurup. Tanggoh. Teu galideur. Ngayonan panarajang. Tungtungna, lawanna birat. Lalumpatan. Diteleg belegbeg peuting. Jempling.
“Can mulih, Mang?” Aya nu nanya. Halimpu. Dilieuk. Bréh. Néng Mala dipayungan. Dikakaléng ku Pa Kabag Keuangan. “Teu acan...” walon Si Jebug. Sorana gumeter. Nahan kanyeri. Mobil ngageuleuyeung. Nilar Si Jebug nu ngarumpuyuk. Nyuuh. Dampal leungeun neken kana kekemplonganana. Hujan beuki gedé baé. Kembang campaka muguran. Dumalingding. Cileuncang kayas pulasna.