Ti Imah ka kebon teu pati anggang. Ngahaja sok leumpang ngalempengkeun urat. Ngameh singket biasa milih jalan ka tukangeun imah Haji Wowo. Kasampak keur ngariung tuang.
"Jang, Tuang yeuh!" Pring eusi sangu luhureun sirahna.
"Mangga" nyampeurkeun, gap kana galo seduk sangu kana piring, pindang jeung sambel di tumpangkeun.
Pak Haji kuraweud.
"Pa Haji, raos sangu teh!" rot nginum.
"heueuh eta teh sangu sakali di tawaran daék" Leuwih jamotrok.
"oh, manawi teh sangu da bongan nawaran" ngalongrong kana udud pa haji.
Kelepus, Hatur nuhun kasadayana, ngaléos neruskeu maksud.