Pabeubeurang. Dina galengan sawah. Jang Aman anteng cingogo bari nanggeuy gado. Panon mencrong kosong ka jauhna. Lar, Ki Tarya. Nu boga sawahna. "Ari sugan geus réngsé macul téh, Jang! Bet kalah hulang-huleng kitu, kunaon?" najan rada éra, teu burung manéhna cumarita. "Lah, atuh! Perkara gagang siwur leutik jeung pondok mah gampang! Hayu, ka imah!" pokna. Giak Jang Aman cengkat.
"Ieu jajamu, inum sapoé sabungkus. Alusna mah saacan saré. Tah, keur saminggueun!" omong Ki Tarya. Ngasongkeun tujuh bungkus jajamu racikanana. Sanggeus nganuhunkeun, Jang Aman mulang. Sajajalan sura-seuri sorangan. Nyipta-nyipta. Ngabogaan bobogaan nu gedé tur panjang. Geus kabayang, imut kareueut pamajikanana, nu arang katempo saban rék sapatemon.
Peutingna. Saacan saré, éta jajamu ditinyuh. Leguk diinum. Tuluy ngagolédag gigireun pamajikanna nu geus tibra tiheula.
Wanci tahrim, manéhna lilir. Kagareuwahkeun ku sora nu ngajerit. Bréh. Pamajikanana keur calawak. Curukna tutunjuk kana nu ngagapuy panjang tina ranjang. Tujuh bungkus jajamu nu geus korédas, amalayah gigireunna.