Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 25 Séptémber 2016 14:27
Abu Labib Malawat: " Maksad hoyong muka kamus. Naha teu tiasa..."
Rebo, 21 Séptémber 2016 16:31
AD Rusmianto: " Sampurasun, bade ngedit profil ge sesah, teras wae dina halaman eta, saatos login teh. teu lebet kana halaman edit profil. sakali deui hapuntenna. jarang On oge akang, resep maca, hoyong diajar nulis oge...."
Ahad, 28 Agustus 2016 07:12
Abu Labib Malawat: " Sampurasun, Kumaha carana beh kacatet ID warga FBS? Hatur..."
Ahad, 03 Juli 2016 05:45
Iwan Nurdiansyah: " Assalamu alaikum, mugia sadayana aya dina ginanjar kawilujengan,..."
Ahad, 26 Juni 2016 05:16
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun..... Seja tumaros, dupi carana ngeusi data formulir pangarang teh kumaha?.... Abdi teu tiasa ngeusian data. Fikmin Abdi seueur nu teu kasair. Hatur..."
Ahad, 05 Juni 2016 07:04
Abdul Haris: " Tos sonoooo, hoyong katawis kapajang deui dina web-na. Karya-karya. Ieu hal, janten panyumanget pisan. Sok sanaos kinarya jisim kirang pangrojong ku..."
Jumaah, 03 Juni 2016 01:15
Atep K Rahman: " Assallammualaikum, Punten, nembe tiasa ngalebetan Buku Tamu ^_^ teras bade tumaros, kanggo ngisian data di palih mana? hatur nuhun, salam baktos ka sadayana. ^_^..."
Kemis, 26 Méi 2016 10:58
Intan Iyang Nurfitriani: " Hatur..."

Tepung Lawung Nu Munggaran

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 27 Januari 2014 17:39:16

Méh dua jam kuring nunggu. Lieuk deui lieuk deui. Ngajentul di sisi jalan, nedunan jangji pasini. Tepung lawung nu munggaran, najan geus lana saati.

Dumadak kuring curinghak, mireng hapé nu ngagelik. És ém és geuwat dibaca, "Sakedap deui gé dugi," bungah nu taya tanding, ngan haté bet beuki ratug. Awak patingsariak. Atoh nu kaliwat saking, beuteung kukurubukan gé teu dirasa.

"Ngantosan di lapang parkir, acuk beureum tiung héjo," Giak muru nu keur nangtung. Naha geuning nini-nini? Ti tukang aya nu nepak, "Ieu, Aa. Sanés éta."

Catetan:
- KINANTI. Watek: Nungguan, deudeupeun, kanyaah.
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

- SINOM. Watek: Gumbira, kadeudeuh.
8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a

- WIRANGRONG. Watek: Kawiwirangan.
8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a